Alamat Ngimpi

1. Ngimpi suka-suka, bakal paila,
bakal susah.
2. Ngimpi lumaku ngalér, bakal
meunang rejeki.
3. Ngimpi ningal panonpoé atawa
bulan; bakal untung, meunang darajat gedé, bakal boga anak
pinter.
4. Ngimpi samagaha, bakal
meunang pancabaya.
5. Ngimpi srangéngé tumurun ka
bumi, asup ka imah; bakal meunang darajat.
6. Ngimpi ningal méga beureum
atawa hideung, bakal aya rupa-
rupa kasusahan di désana.
7. Ngimpi kahujanan, bakal aya
anu mĂ©rĂ©, meunang rejeki. 
8. Ngimpi nénjo hujan, bakal jadi
lurah.
9. Ngimpi katebak angin, bakal
ruksak désana.
10. Ngimpi katebak angin laut,
bakal Ă©lĂ©h perang. 
11. Ngimpi hujan buah, bakal
meunang kabungahan.
12. Ngimpi mandi dina cai
hérang, bakal jauh tina
kaprihatinan.
13. Ngimpi ningal walungan keur gedé cai, bakal manggih amarah,
pipaséaeun.
14. Ngimpi ningal walungan
ngolétrak caina, bakal
kaanjangan ku urang désa
sĂ©jĂ©n, bakal dilurah¬an ku urang dĂ©sa sĂ©jĂ©n.
15. Ngimpi teuleum di talaga,
bakal cilaka.
16. Ngimpi teuleum di walungan,
bakal cilaka.
17. Ngimpi ngojay, bakal mubah panggawéna.
18. Ngimpi ngaluncatan
walungan, bakal pondok umur.
19. Ngimpi cai laut amis, bakal
meu¬nang rejeki, untung jalan
tina rupa-rupa pancabaya. 
20. Ngimpi nginum susu, bakal
meu¬nang rejeki halal.
21. Ngimpi,boga hayam jago,
bakal boga anak lalaki.
22. Ngimpi loba hayam, bakal rea
murid anu ngaguru. 
23. Ngimpi ningal daging afawa
meuncit sato, bakal
kapapaténan.
24. Ngimpi lubak-libuk daging
embé, bakal kapapaténan.
25. Ngimpi ningal maung; bakal diasih ku ratu.
26. Ngimpi kadatangan maung,
bakal katatamuan ku ménak.
27. Ngimpi aya maung asup ka
imah, bakal jeneng, naek
pangkat. 
28. Ngimpi digégél sato galak,
bakal diasih ku jelema.
29. Ngimpi ningal pamegaran
oray matih, bakal diambek ku
pamajikan.
30. Ngimpi ningal liang oray, bakal panjang umur.
31. Ngimpi kahuruan, bakal cilaka
gedé, bakal manggih napsu.
32. Ngimpi ngampihan seuneu;
bakal cukul pakaya.
33. Ngimpi nénjo gunung, bakal meunang béja.
34. Ngimpi nyaba ka gunung,
bakal meunang nugraha.
35. Ngimpi kaluar ti leuweung,
bakal leuleungiteun.
36. Ngimpi asup ka masigit, bakal meunang bagja.
37. Ngimpi nyieun imah, bakal
laksana pakarepan, bakal boga
pamajikan.
38. Ngimpi aya nu mergasa,
bakal pi¬nanggih susah. 
39. Ngimpi ngadégdég atawa
hareu¬dang, bakal kadatangan
cilaka, karurugian.
40. Ngimpi angin gedé,
tatangkalan rarungkad, bakal
paila. 
41. Ngimpi aya di tengah sagara,
bakal meunang duit.
42. Ngimpi palid ka laut, bakal
hasil paneja tapi batur réa anu
ngéwa.
43. Ngimpi ngarasa panas, bakal meunang rejeki tina jalan
sérong.
44. Ngimpi dahar buah, bakal
aya nu macikeuh.
45. Ngimpi ningal warna-warna
kembang, bakal jadi pangkat. 
46. Ngimpi dahar lauk bagong,
bakal meunang rejeki.
47. Ngimpi dahar lauk sapi/lauk
munding/lauk hayam/létah, bakal
meunang kahadéan.
48. Ngimpi kaboyong ku musuh, bakal balik ka bali geusan
ngajadi.
49. Ngimpi ningal bentang, bakal
meunang bagja.
50. Ngimpi unggah ka langit,
bakal meunang darajat gedĂ©. 
51. Ngimpi samagaha srangéngé
atawa bulan, raja bakal susah
lantaran nagara ruksak.
52. Ngimpi bulan asup ka imah,
bakal untung gedé.
53. Ngimpi ningal cai datang, bakal amarah.
54. Ngimpi teuleum dina cai
kiruh, bakal tatapa.
55. Ngimpi ningali walungan caina
hérang, bakal nampa barang
emas inten. 
56. Ngimpi nginum di walungan,
ba¬kal diseuseul ku dunungan
tapi laksana panejana.
57. Ngimpi teuleum dina cai
hérang, bakal sugih.
58. Ngimpi nginum cai hérang, bakal teguh agamana.
59. Ngimpi nginum anu kentel-
kentel, bakal boga emas pérak.
60. Ngimpi paparahuan, bakal
susah.
61. Ngimpi ningal sinar srangéngé, damar atawa
haseup, bakal gam¬pang sagala
karep.
62. Ngimpi ningal seuneu ti
kajauhan, bakal panjang umur.
63. Ngimpi kapeutingan, bakal sasar lampahna.
64. Ngimpi jadi lintuh, bakal luput
tina bahaya.
65. Ngimpi ningal gunung atawa
seuneu ti kajauhan, bakal diasih
ku dunungan. 
66. Ngimpi sambéang, bakal
laksana paneja.
67. Ngimpi dicabak sirah, bakal
tinekanan paneja.
68. Ngimpi kaanjangan, bakal
mimitran jeung saluhureun. 
69. Ngimpi diragap awak, bakal
gering parna atawa bakal
kasemahan baraya.
70. Ngimpi papanggih jeung
awéwé, bakal kawin.
71. Ngimpi beungeut jadi bodas, bakal boga pamajikan.
72. Ngimpi dibura oray, bakal
meunang pipamajikaneun, bakal
ka¬win.
73. Ngimpi dipacok oray, bakal
cilaka ku musuh. 
74. Ngimpi hayang bubuang,
bakal salamet.
75. Ngimpi nanjak ka gunung,
bakal naék pangkat.
76. Ngimpi nimu pakarang, bakal
naĂ©k pangkat. 
77. Ngimpi mandi, bakal gering.
78. Ngimpi tumpak kuda, bakal
gering.
79. Ngimpi bubuang, bakal
kacilakaan, leuleungiteun (ceuk
sawarĂ©h bakal untung). 
80. Ngimpi néwak manuk, bakal
meu¬nang bagja.
81. Ngimpi imah kahuruan, bakal
meunang bahaya gedé.
82. Ngimpi kadatangan jelema
loba, bakal kapapatĂ©nan. 
83. Ngimpi hiber, bakal untung.
84. Ngimpi katinggang kai, bakal
cilaka gedé.
85. Ngimpi sumur pinuh ku cai,
bakal cukul sagala gawé.
86. Ngimpi gelut éléh, bakal gering.
87. Ngimpi disalin ku papakéan
weuteuh, bakal naék pangkat
boga gawé anyar.
88. Ngimpi cacarita jeung sepuh
nu geus teu aya di kieuna, bakal panjang umur.
89. Ngimpi suhunan tisorosod,
bakal susah.
90. Ngimpi nimu duit, bakal
radang.
91. Ngimpi maéhan oray, bakal moal jadi pakarepanana.
92. Ngimpi dipacok oray matih;
bakal diasih ku awéwé.
93. Ngimpi nungkulan nu kariaan,
bakal aya nu kapapaténan.
94. Ngimpi punglak huntu ti luhur, bakal kapapatenan ku
saluhureun.
95. Ngimpi punglak huntu ti
handap, bakal kapapaténan
baraya sahandapeun

Mugya aya mangpa'atna,,saur paripaos ngimpi mah kembang
na sare,...urang uih deui kana
pamadegan sewang-sewangan,,.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Rajah

5 Contoh Puisi Ulang Tahun

Sajak Sunda : Devi Erysandi Judul "Girimis"