Alamat Ngimpi
1. Ngimpi suka-suka, bakal paila, bakal susah. 2. Ngimpi lumaku ngalér, bakal meunang rejeki. 3. Ngimpi ningal panonpoé atawa bulan; bakal untung, meunang darajat gedé, bakal boga anak pinter. 4. Ngimpi samagaha, bakal meunang pancabaya. 5. Ngimpi srangéngé tumurun ka bumi, asup ka imah; bakal meunang darajat. 6. Ngimpi ningal méga beureum atawa hideung, bakal aya rupa- rupa kasusahan di désana. 7. Ngimpi kahujanan, bakal aya anu méré, meunang rejeki. 8. Ngimpi nénjo hujan, bakal jadi lurah. 9. Ngimpi katebak angin, bakal ruksak désana. 10. Ngimpi katebak angin laut, bakal éléh perang. 11. Ngimpi hujan buah, bakal meunang kabungahan. 12. Ngimpi mandi dina cai hérang, bakal jauh tina kaprihatinan. 13. Ngimpi ningal walungan keur gedé cai, bakal manggih amarah, pipaséaeun. 14. Ngimpi ningal walungan ngolétrak caina, bakal kaanjangan ku urang désa séjén, bakal dilurah¬an ku urang désa séjén. 15. Ngimpi teuleum di talaga, bakal cilaka. 16. Ngimpi teuleum di walungan,...

Komentar
Posting Komentar