IKET
“IKET”
Iket atawa totopong téh kabeungharan budaya nu mangrupa tutup sirah pangbuhunna di Sunda. Iket asalna tina kecap "saiket" nu hartina sabeungkeutan, sauyunan dina hiji pakumbuhan. Iket dijieunna tina kaén batik atawa kaén polos, gedéna saméter pasagi. Sedengkeun tina wangun iket aya dua bagian, nyaéta iket pasagi jeung juru tilu, tina dua wangun ieu bisa diguar ajén/palsapah hirup.
Wangun pasagi nuduhkeun hirup masagi jeung siloka opat kalima pancer/opat pancer kalima diri urang. Pancer didieu nuduhkeun opat madhab (kalér, kidul, wétan, kulon), jeung bahan nu jadi dasar kahirupan (cai, angin, seuneu, taneuh). Lian ti éta wangun juru opat ngingetkeun larangan atawa karakter anu teu meunang dilaksanakeun jeung dipibanda ku urang Sunda anu disebut opat paharaman nyaéta:
Pundungan, hartina teu kaopan, jalma pundungan moal boga sobat. Hirupna moal maju.
Babarian, hartina gampang kasigeung.
Humandeuar, hartina luh lah waé. Tanda héngkér jiwana jeung putus asa. Teu mampuh nyanghareupan pasualan.
Kukulutus, hartina beungeut nyanghareup ati mungkir, dihareupeun siga nu enya, di tukangeun ngomongkeun, ngijing sila béngkok sembah. Digawéna puraga tamba kadengda. Kasatiaana kurang, bisa ngahianat ka dunungan atawa ka babaturan.
Wangun pasagi ogé kapanggih dina motif ditengah batik, wangun motif pasagi ieu mah salawasna teu nuturkeun wangun iketna, tapi lalawanan (diagonal), ieu nuduhkeun kapancegan/kapengkuhan pamadegan hirup, teu luak-léok miyuni pucuk awi.
Wangun juru tilu nuduhkeun konsép "tritangtu" , tilu panangtu nyaéta:
Sang Prabu mangrupa pamingpin roda pamaréntahan (éksékutif), pamingpin formal, birokrat, pamaréntah, nu nyokot kawijakan , sarta sakabéh unsur trias politica. Salaku ratu kudu boga palasipah ngagurat batu, boga watek kukuh (teguh), nyaéta taat tur patuh dina ngajalankeun hukum, tanpa ayana rékayasa.
Sang Rama mangrupa golongan masarakat nu dipikolot minangka wawakil rahayat (législatif), kaasup di jerona pamingpin kulawarga jeung masarakat. Salaku rama kudu boga palasipah ngagurat lemah 'boga watek nangtukeun nu kudu dipaké titincakan, nyaéta ngawujudkeun kulawarga jeung masarakat anu ayem tengtrem.
Sang Resi mangrupa golongan masarakat anu pancénna ngaberdayakeun hukum agama, darigama, jeung nagara (yudikatif). Sang Resi dihartikeun jalma nu weruh ku élmu jembar ku pangabisa, kudu boga palasipah ngagurat cai ' boga watek nengtremkeun dina kaadilan, nyaéta mawa masarakat dina ngahontal kasugemaan lahir batin.
Kaén satengah meter disebut satengah iket (dibeulah sacara diagonal), biasa disebut ''totopong'' . Motif anu biasa dipaké pikeun iket nyaéta ''sida mukti'' ,''manyingnyong'' , ''batik kumeli'',''batik kangkung'' ,”katuncar mawur'' ,''kawung écé'',''kalangkang ayakan'' ,''seumat karuhun'' , ''porod eurih'' ,''giringsing'' , jsb. Kaén polos anu dipaké pikeun iket nyaéta kaén bodas anu biasa dipaké Puun di Banten , kaén biru kolot , sarta warna coklat salaku lambang kabasajanan. Ayeuna geus jarang pisan anu maké iket iwal di kampung. Di kota ngan saukur dipaké dina acara-acara anu tangtu jeung dina paméntasan calung ,réog atawa ogél . Dina basa Sunda aya babasan caringcing pageuh kancing,saringset pageuh iket ,Iket nyaéta ngaran papakéan lalaki dina batik atawa baheula mah wulung atawa bodas warnana pikeun dibudeurkeun kana sirah nutupan buuk.
Pungsi Iket
Pungsi Praktis
Di masarakat, salian miboga pungsi keur nutup rambut iket ogé dipaké keur nutupan mastaka,kitu ogé miboga pungsi pikeun pakarang pikeun ngajaga diri nalika aya tarajangan ngadadak. Lian ti éta pungsina pikeun pakakas atawa parabot pikeun nyimpen jeung mawa banda.
Pungsi Estetis
Salian pikeun nutupan jeung mayungan bagéan mastaka, iket ogé bisa dipaké pikeun méré kaéndahan dina papakéan lalaki jeung jadi bagéan kalengkepan papakéan anu mantes keur lalaki.
Pungsi Simbolis
Aya sababaraha jinis rupa iket anu ukur dipaké ku jalma tangtu/teu samanéa, ilaharna dina hiji kasempetan atawa acara. Kawas iket anu maké ragam hias tritik keur budak sunatan, iket dina motif hias aksara Arab anu dipaké ku santri jeung jinis iket lianna anu dipaké numutkeun status atawa kapentingan tangtu anu makéna. Biasana di lembur adat aya sababaraha rupa iket anu ukur dipaké ku sesepuh dina hiji acara adat.
Perlambang Iket
Iket teh perlambang ngiketkeun, supaya ngahiji atawa saiketan, iket oge perlambang meungkeutkeun kagorengan, kasombongan, jeung niat anu teu hade, sangkan timbul silih asah, silih asih, jeung silih asuh.
Jinis Rupa Iket
Rupa iket rékaan bihari / lembur adat
Rupa iket anu ti baheula nepi kiwari masih dipikawanoh tur dipaké ku masarakat;
Ilaharna dipaké ku para sepuh;
Lolobana rupa iketna nutup palebah luhurna;
Dipiboga ku Lembur Adat / Wewengkon Rumah Adat.
Rupa iket rékaan kiwari / masa kini
Rupa iket beunang kamotékaran jalma kiwari anu can kungsi aya ti baheulana;
Mindeng dipaké ku barudak ngora;
Teu dipimilik ku Lembur Adat
Wewengkon Rumah Adat.
Iket praktis
Mangrupa-rupa iket meunang kamotékaran kiwari anu dijieun tina kaén segi opat atawa segi tilu, dijieun diluyukeun jeung rupa iket anu aya boh anu bihari,ogé anu kiwari;
Ngagunakeun sistem kaputan/kécos;
Tinggal dipaké kawas kopéah atawa topi;
Dipaké ku sepuh jeung budak ngora;
Wangun Iket Sunda
WARUGA ; disebut ogé awak iket,aya kalana kosong, taya modang, juru jeung pager. Namung aya ogé anu lengkep,dieusi modang, juru jeung pager, ogé aya kalana di eusian ku motif tangtu mangrupa batik, biasana sadaya bagéan kaén pinuh ku motif anu gambarna rupa-rupa jinis, boh simbol jeung kode/siloka filosofi kitu deui ku catetan sajarah.
MODANG; rupa masagi leutik di tengah iket,aya anu diagonal atawa sarupa jeung waruga iket.
JURU ; JURU JERO – JURU LUAR; bagéan juru anu tepung dina pager/modang; di sababaraha motif iket dibéré aksen gambar,mangrupa logo,simbol atawa wangun anu pamaknaanana anu nyirikeun hal tangtu; bagéan ieu ukur di sababaraha iket kuno wungkul, kiwari dikembangkeun di sababaraha désain iket keur organisasi.
PAGER ; sabudeureun sisi kaén anu dibéré motif tangtu pikeun éstétika ogé pamaknaan.
Rupa-rupa Iket
Parékos jéngkol, parekos pekut, bentuk ieu iket basajan pisan (sanajan). Biasana digunakeun ku jalma anu gurung gusuh, Wangunna siga bungkus jéngkol . Di Banten disebut baréngkos tapay bungkus peuyeum.
Julang ngapak , dipaké ku kolot wanda iket anu mirupa jangjang manuk julang nu keur ngapak/mébér.
Perékos nangka ,basajan pisan jeung babari dipakéna ukur dibeulitkeun dina sirah biasana dipaké ku kolot nalika keur rusuh . Wangunna siga bungkus nangka . Di Banten disebut baréngkos tapay atawa bungkus peuyeum.
Barangbang semplak, biasana dipaké ku para jawara , wangunna mirupa barangbang/watang daun kalapa garing nu ngampléh , kaén segi tilu disimpen lebah tukang, sarta bagian luhurna muka (nepi ka katémbong buuk).
Porténg, biasana dipaké ku pamuda wangunna iket anu culana nangtung dihareup sarta tungtung kaénna digulungkeun ka tukang.
Talingkup biasana dipaké ku aki-aki ,iket anu culana dina tarang sarta niungan panon . asal kecapna tina linkup (kanékés ) nu hartina nutup . Talingkuh hartina bisa nutup.
Borongsong kéong atawa kékéongan ,jang budak ngora wangunna mirupa kéong.
Udeng pikeun dipaké ku kolot biasana dipaké nalika acara resmi .
Kuda ngencar, dipaké ku jawara ngora wangunna culana di tukang, ngampléh ka handap tapi tuluy melengkung ka luhur.
Bungkus peuyeum biasana dipaké ku tukang macul.
Babalian, dipaké ku budak ngora.
Mamakasaran , dipaké ku para rumaja.
Kuda nyicir , dipaké ku budak ngora.
Iket raja atawa ksatria anu dipaké dina sandiwara.
Totopong , pikeun kolot, anu dianggap leuwih kasar ti batan udeng.
Cara maké iket -> https://fb.watch/mgJ2vLwdfs/?mibextid=I6gGtw
Komentar
Posting Komentar