Sajak Sunda : Devi Erysandi Judul "Girimis"

Sajak : Devi Erysandi

"Girimis"

Wanci beurang nyérélék kasoré
Girimié nimris maseuhan haté
Sora sasatoan teu daék jempé
Pipireun imah deukeut paranjé

Buruan baseuh ku girimis teu raat
Walatra taya pisan nu kaliwat
Tangkal kai saab nepi kana dahan
Dangdaunan ngeclakeun ci hujan

Sukabumi, 6 April 2025

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Alamat Ngimpi

5 Contoh Puisi Ulang Tahun

Rajah