Postingan

5 Contoh Puisi Ulang Tahun

Gambar
5 Contoh Puisi Ulang Tahun Ke 17 Karya Devi Erysandi 1. Puisi : Devi Erysandi "Selamat Ulang Tahun" Kurangkai kata menjadi kalimat Dari aksara-aksara yang ku ikat Kupunguti karena berserakan Lalu ku jadikan ungkapan Bukan kado yang istimewa Bahkan bingkisan sederhana Hanya rasa dari hati Sebaris puisi tak berarti Tujuh belas adalah istimewa Usia remaja beranjak dewasa Tinggalkan kekanak-kanakan Melangkahlah dengan menawan Selamat ulang tahun untukmu Semoga bahagia selalu Doaku selalu menyertaimu Disetiap hembusan napasku Sukabumi, 14 Februari 2025 2. Puisi : Devi Erysandi Selamat Ulang Tahun Hari terus berlari Bersama hangatnya mentari Angin malam menari Rembulanpun menerangi Untukmu gadis berparas ayu Untukmu gadis bernama Ayu Di hari sepesialmu Kini tujuh belas tahun usiamu Tak ada kado yang kuberikan Hanya sebaris doa yang ku panjatkan Semoga tercapai segala keinginan Semoga selalu dalam kebahagiaan Sukabumi, 4 Februari 2025 3. Puisi : Devi Erysandi "Selamat Ulang Tah...

Sajak Sunda : Devi Erysandi Judul "Girimis"

Sajak : Devi Erysandi "Girimis" Wanci beurang nyérélék kasoré Girimié nimris maseuhan haté Sora sasatoan teu daék jempé Pipireun imah deukeut paranjé Buruan baseuh ku girimis teu raat Walatra taya pisan nu kaliwat Tangkal kai saab nepi kana dahan Dangdaunan ngeclakeun ci hujan Sukabumi, 6 April 2025

Alamat Ngimpi

Gambar
1. Ngimpi suka-suka, bakal paila, bakal susah. 2. Ngimpi lumaku ngalér, bakal meunang rejeki. 3. Ngimpi ningal panonpoé atawa bulan; bakal untung, meunang darajat gedé, bakal boga anak pinter. 4. Ngimpi samagaha, bakal meunang pancabaya. 5. Ngimpi srangéngé tumurun ka bumi, asup ka imah; bakal meunang darajat. 6. Ngimpi ningal méga beureum atawa hideung, bakal aya rupa- rupa kasusahan di désana. 7. Ngimpi kahujanan, bakal aya anu méré, meunang rejeki.  8. Ngimpi nénjo hujan, bakal jadi lurah. 9. Ngimpi katebak angin, bakal ruksak désana. 10. Ngimpi katebak angin laut, bakal éléh perang.  11. Ngimpi hujan buah, bakal meunang kabungahan. 12. Ngimpi mandi dina cai hérang, bakal jauh tina kaprihatinan. 13. Ngimpi ningal walungan keur gedé cai, bakal manggih amarah, pipaséaeun. 14. Ngimpi ningal walungan ngolétrak caina, bakal kaanjangan ku urang désa séjén, bakal dilurah¬an ku urang désa séjén. 15. Ngimpi teuleum di talaga, bakal cilaka. 16. Ngimpi teuleum di walungan,...

IKET

Gambar
“IKET” Iket  atawa totopong téh kabeungharan budaya nu mangrupa tutup sirah pangbuhunna di Sunda. Iket asalna tina kecap "saiket" nu hartina sabeungkeutan, sauyunan dina hiji pakumbuhan. Iket dijieunna tina kaén batik atawa kaén polos, gedéna saméter pasagi. Sedengkeun tina wangun iket aya dua bagian, nyaéta iket pasagi jeung juru tilu, tina dua wangun ieu bisa diguar ajén/palsapah hirup. Wangun pasagi nuduhkeun hirup masagi jeung siloka opat kalima pancer/opat pancer kalima diri urang. Pancer didieu nuduhkeun opat madhab (kalér, kidul, wétan, kulon), jeung bahan nu jadi dasar kahirupan (cai, angin, seuneu, taneuh). Lian ti éta wangun juru opat ngingetkeun larangan atawa karakter anu teu meunang dilaksanakeun jeung dipibanda ku urang Sunda anu disebut opat paharaman nyaéta: Pundungan, hartina teu kaopan, jalma pundungan moal boga sobat. Hirupna moal maju. Babarian, hartina gampang kasigeung. Humandeuar, hartina luh lah waé. Tanda héngkér jiwana jeung putus asa. Teu mampuh nya...

Logo Aléx Réformer

Gambar
 

Rajah

Gambar
 Rajah Pamuka Sampurasun..... Amit ampun nya paralun, ka Gusti nu maha suci.... Neda pangjiad pangraksa abdi kempel Seuweu Siwi... Seja ngaguar Laratan...Titis waris Padjajaran Ngembatkeun jalan Laratan katampian Geusan mandi ka Leuwi Sipatahunan, Leuwi nu ngaruncang diri-diri manusa kiwari Rék muru lulurung tujuh ngahiap ka Padjajaran Bongan hayang pulang anting Padungdengan-padungdengan jeung usikna pangacian Ahung...ahung....ahung.... Sampurasun karumuhun ka Hyang Prabu Siliwangi... Nu murba di Padjajaran..pangaoban Seuweu Siwi Nu Gelar di Tatar Sunda Muga nyebarkeun wawangi... Ahung....ahung....ahung.... KIDUNG PANGLOKAT Run turun, bayu tresna, bayu asih... Bayu mawa Kawaluyaan.. Bayu mawa Kaélingan, Sakur nu kaliliwatan... Sakur nu katitincakan. Ku urang buka tutungkusan nu kahalang kupipinding Dina gebang séwu lontar...dina tulis titis tulis maca uga na waruga Atra setra kanti sukma... Run turun Jati Rahayu Gelaran banjaran bagja ....cag... Rampés...